Darmaga; deremaga; dramaga nyaéta tambakan anu nyolongodor ka cai sangkan ulah kalimpasan mangsa cai caah. Darmaga nunjul ogé kana harti hiji tempat sisi laut anu ngahaja dijieun/ditémbok nyolongodor katengah pikeun nurunkeun jeung naékeun babawaan jeung panumpang kana kapal laut.